Kamis, 12 Januari 2012

haI angin anu ngahiliwir,, pangdugikeun
salam abdi ka anjeuna,, talakkeun
carioskeun abdi rindu ka anjeuna
jeung aya tembang katresna dina jiwa

ombak anu ting jelegur dilautan
nemrag kana karang disisi lautan
jeung gunung anu dilimpudan kusalju
jadi saksi rindu abdi numahabu

lalayaran dina sagaraning cinta
anu endah lain sulap lain beja
kadeudeuh jeung welas asih geus ngahiji
di beungkeut pasini janji nu sajati

mung sakitu abdi keur ngumbar lamunan
jeung bayangan anu endah ka alaman
waktos duaan masih keur lalayaran
dina sagaraning katresna kacintaan

sora jangkrik jiga anu milu ceurik
kana fikir anu matak ngerik
sora carincang ka semu ngawawaas
ngahudangkeun rasa hate nu kagagas

sora cihcir ti peuting nu mawa keutir
kana fikir abdi anu matak getir
sora gaang siga anu milu melang
melang ka hiji jajaka nu paanggang

mun nibat dua tisalira jajaka
pamugi kahayang duduaan laksana
ka petik hasil jeung kaala buahna
numatak tepang rohmat kapayuna

abdi kasalira ngiring ngado'akeun
pamugi salamina sing di wawuhkeun
ka mulus karahayuan salawasna
sehat walafiyat jiwa jeung ragana

#uum

Tidak ada komentar:

Posting Komentar